Mimiti kajadianana teh poe Senen, Kapal Kinabalu Satu ngangkut balokan kai ti Sabah, Kalimantan Kaler ka Hongkong. Harita oge eta kapal nu beuratna 6299 ton teh jalanna geus teu bener. Beurat teuing ka beulah katuhu. Kapten kapal Fu Tsohao, umur 36 taun, geuwat nitahan bawahanana sangkan cai nu aya jeung muatan kai sawareh mah piceun wae ka laut. Sugan ku kitu mah kapal teh jalanna henteu dengdek ka sisi. Tapi tarekahna kitu teh taya hasilna. Isukna, wanci subuh, jalanna kapal can bener keneh wae. Heug deuih kapal geus nepi ka laut nu gede ombakna. Palebah dinya bakal katibanan angin topan nu disebut Flossie tea.
Nempo galagat kawas kitu, palayan kapal Tse Kin-ming, umur 20 taun, bareng jeung kapala matros Chan Chung-hun, umur 29 taun, ngagidig ka kamar kapten. Maksudna rek usul sangkan patugas radio geuwat ngirim tanda SOS. Tapi jawaban kapten jauh tina panyangka, kalahka pok ngomong kieu, “Kuring nu jadi kapten di kapal ieu teh. Nu nangtukeun iraha ngirimkeun tanda bahaya SOS, nya kuring sorangan.” Geus narima jawaban kawas kitu mah, Kin-ming, teu bisa majar kumaha. Leos wae manehna balik deui nepungan babaturanana.
Jeung enyana, jam 10 isuk-isuk topan Flossie narajang. Pohara rosana, tarikna angin nu neumbang kapal teh kira-kira 40 mile sajamna. Ombak patingjungkiring luhurna 40 kaki teu eureun-eureun neumbangan kapal. Wanci tengah poe, kapal Kinabalu Satu geus luak-leok , dengdek ka sisi aya kana 25 darjahna. Kakara harita, sanggeus kajadian pikahariwangeun kitu, Kapten Fu ngirimkeun tanda bahaya SOS, ditujukeun ka agen pausahaan di Hongkong. Narima tanda bahaya kitu, ti Hongkong geuwat dikirimkeun kapal pikeun nulungan nu keur cilaka, kitu deui kapal-kapal nu keur balayar dibarejaan sangkan nulungan.
Jam 12.35, Kapten Fu nitah ka pagawe kapal nu reana 29 urang (13 urang China, 16 urang Filipina) sangkan naraek sakoci. Satengah jam ti harita, kapal Kinabalu Satu kelebuh. Bari jeung kabuntang-banting ku ombak, Wong Hoi-yin ngusahakeun sangkan sakoci jalanna teu kaganggu ku ombak. Kapten Fu nitah sangkan tanda SOS geuwat dikirimkeun, tapi ceuk patugas radio, cenah can aya jawaban.
Tilu jam sanggeus ninggalkeun kapal Kinabalu Satu, sakoci geus beakeun bahan bakar. Wanci tengah peuting, ombak gede narajang, nepi ka sakoci teh tamplok. Kin-ming satekah polah nyekel kana sakoci bari ngojay, sakalian nulungan babaturanana, nyaeta Chan. Isukna, Wong insinyur kapal geus ngambang gigireunana, 17 urang harirup keneh, 13 urang deui mah kaasup Kapten Fu, laleungit, taksiran mah kabawa ombak, sakoci teh bisa dibalikkeun deui. Geus kitu mah sarerea naraek deui ka jero sakoci. Cai nu nguyumbang ditawuan, sawareh deui kakaratak sugan aya dahareun. Kabeneran aya 20 kaleng cai beresih, sakaleng biskuit jeung 2 kaleng gula-gula. Lumayan tamba lapar teuing.
Angin topan Flossie beuki motah wae. Tarikna 65 mile sajam, teu eureun-eureun ngahiuk narajang sakoci nu kabuntang-banting. Sakapeung ngahiuk ti beulah Kaler sakapeung ti beulah Kulon. Sarerea satekah polah caricing di jero sakoci, awak kabuntang-banting, nya atuh taratu, katambah deui kabanjuran cai uyah ti laut. Pisakumahaeun teuing pareurihna. Sarerea euweuh nu wani sare.
Poe Saptu, peutingna, tanggal 25 Oktober, topan geus mimiti tenang. Keur kitu, Chan ujug-ujug ngagorowok cenah manehna nempo aya kapal pamayang. Ngedenge kitu, geuwat tiluan nu aya didinya, tukang masak jeung babaturanana, masang radio maksudna rek menta tulung. Tapi kulantaran rusuh teuing, radiona mecleng ka laut.
Nempo kitu, Chan pohara ambekna. Manehna teu bisa nahan diri, eta tukang masak jeung duaan babaturanana teh dijongklokkeun, gejebur wae ka laut. Atuh bororaah bisa katulungan, lapur wae kabehanana titeuleum kabawa ombak. Bet reuwas kareureuhnakeun, nempo babaturanana cilaka mah, Chan, ngan saukur ngembeng cipanon, bari jeung humandeuar.
Sabenerna can bisa dipastikeun, naha bener eta dua kapal pamayang teh aya atawa ngan tetenjoan wungkul? Buktina bet teu katempo deui. Kitu deui peutingna, Kin-ming nempo dina sawanganana aya tatangkalan tapi euweuh daunan, manehna sadar tetenjoanana jiga kitu mah ngan saukur hayalan wungkul. Mindeng eta oge manehna asa nempo kapal ngaliwat, atuh geuwat manehna niupkeun piriwitna. Tapi ngan ukur peuting nu poek mongkleng.
Kadaharan beuki saeutik wae. Untung Bienvenindo Castillo manggihan kaleng susu, nya dibagikeun ka sarerea. Tapi angger wae teu bisa ngaleungitkeun kahanaang. Minggu isuk-isuk, Kin-ming teu nempo Chan, taksiran mah leungit kabawa ombak, kitu deui saurang pingpinan kapal sejenna kaayaanana geus ripuh pisan, ahirna nuturkeun nu sejen, maot kabawa ombak. Beuki beurang, panonpoe mimiti manceran, tapi ombak motah wae. Nu harirup harita, aya sapuluh urang. Tengah poe, saurang maot, sorena, duaan deui nuturkeun. Nempo kitu matak kukurayeun. Jigana kulantaran pegat pangharepan, Ma, pingpinan matros, jung nangtung pok ngomong ka Kin-ming, cenah manehna mah rek ngojay wae ka laut. Jleng luncat ka tengah ombak. Moal teu maot, eta mah bakat ku pegat pangharepan.
Nu hirup ngan genepan deui. Laut mimiti tenang. Kin-ming kakara bisa sare tibra. Dina waktu saminggu kakara harita bisa sare kawas kitu. Tapi basa subuhna, poe Senen, tanggal 27 Oktober, manehna hudang nempo duaan babaturanana geus maot ngajelepeng, kitu deui tukang masak Lam sarua maot dina jero sakoci. Jadi ngan tiluan deui nu harirup teh, nyaeta Florentino Mariano, umur 26 taun, Marcelino Bedia, 24 taun jeung manehna sorangan.
Awak taratu, panon bareuh, katambah deuih katojo cahaya panonpoe nu sakitu panasna. Kin-ming nutupan awakna ku kaen kanvas, jeketna dipake mayungan sirahna. Nu pohara nyiksana, harita pohara hanaangna. Cai susu dicampur jeung cai laut, teu bisa diinum.
Wanci tengah poe, Mariano ngagorowok, diantara ombak Kin-ming nempo aya kapal. Tapi teu lila teh kapal ngaleungit. Mungguhing kitu, Kin-ming boga harepan. Manehna boga sangkaan palebah dinya teh geus kaasup wewengkon nu mindeng kasaba ku kapal pasiar. Isukna nempo deui aya kapal ngaliwat di kajauhan, tapi teu lila ngaleungit deui.
Sabenerna saprak Kinabalu Satu ngirimkeun tanda bahaya SOS, pausahaan di Hongkong geus ngirimkeun kapal pikeun nulungan nu cilaka. Tapi nu kapanggih teh ngan ruruntuk bagian kapal nu ngarambang. Jigana urut kapal Kinabalu Satu nu geus kalebuh. Poe Salasa, dalapan poe sanggeus kacilakaan di kapal, Kin-ming ngagoler wae dina sakoci. Kaayaanana geus ripuh pisan, atuh teu bisa hudang-hudang acan. Nempo kaayaan kitu, baturna nyangka manehna teh geus maot. Tuluy diangkat lalaunan rek dialungkeun ka laut. Puguh wae Kin-ming ngagoak, baturna reuwaseun.
Kin-Ming geus boga rarasaan manehna moal bisa hirup lila deui. Ras inget ka Chan, tukang masak jeung baturna nu geus luas ngojay ka tengah laut, sarerea geus ninggalkeun. Bari jeung leuleus oge, Kin-ming jung nangtung tuluy turun ka laut. Cai laut karasa nyelekit kana kulitna. Geus kitu kakara manehna mikir, “Mun awak kuring ngarasa keneh kanyeri, tangtu boga keneh kakuatan.” Keur kitu jorelat beungeut indungna nu geus kolot, umurna 56 taun nembongan. Kumaha atuh hirupna mun manehna maot? Ras deui inget ka adina umur 15 taun nu sakola keneh, saha nu ngabayuan mun lain manehna? Eta oge aya lanceukna, jadi ngan lanceukna jeung manehna nu ngabayuan kulawargana teh. Tapi lanceukna sakeudeung deui oge bakal kawin, sedengkeun adina kudu tetep nuluykeun sakolana.
Geus kitu mah, hatena gilig, masing kumaha oge manehna kudu salamet. Tuluy manehna balik deui naek kana sakoci. Baturna duaan urang Filipina, teu ngomong nanaon nempokeun manehna kitu teh. Kin-ming reureuh, malah bet ngarasa tunduh. Ngahaja kituna teh sangkan tanagana teu beak teuing. Jam 5 burit, manehna ngadenge babaturanana urang Filipina ngagorowok deui. Katempo aya kapal nuju ka palebah dinya. Bari jeung ngumpulkeun tanaga nu aya, Kin-ming nyokot piriwitna tuluy ditiup tarik pisan.
Kapal nu nyampeurkeun harita teh nyaeta Ming Ren Establishment, nu geus balayar neangan nu cilaka 180 mile beulah kalereun tempat kacilakaan kapal Kinabalu Satu. Tali dialungkeun, nu dina sakoci teh geuwat ditarik ditaekkeun kana luhur kapal. Barang geus nepi ka luhur, geuwat dibere nginum cai seger jeung bubur. Salila 20 jam tatuna diubaran. Geus kitu maranehna dibawa kana helikopter, tuluy dirawat di rumah sakit di Hongkong. Aya sabulanna maranehna dirawat di rumah sakit. Tiluanana salamet.