Monday, December 26, 2016

Jalma Alus Omong

Dina hiji waktu, kuring rek ka Tasikmalaya. Datang ka halteu kabeneran lawang pangjualan karcis geus dibuka, tuluy kuring meuli karcis keur ka Tasikmalaya. Teu kungsi lila, kareta datang. Tidinya geleser kareta teh indit. Palebah Ciawi, panonpoe geus surup, lantera-lantera dina kareta diseungeutan.


Nu tarumpak teu sakumaha reana, ngan ukur opat atawa lima urang bae dina sadareksi teh. Dihareupeun kuring aya hiji jalma. Manehna semu hayangeun pisan cacarita jeung kuring. Eta jalma dedeg nepi rupa hade, budi manis bangun darehdeh jeung akuan. Papakeanana pantes tur beresih. Manehna pindah diukna ngadeukeutan kuring, sarta pok ngomong kieu, 

“Naha tiiseun teuing nya Jang!”
“Sumuhun” tembal kuring.
“Ari ujang rek turun dimana? Jeung timana ti kulonna?”
“Di Tasikmalaya…. dupi ti kulonna mah tebih, ti Sukabumi” ceuk kuring.
“Geuning tadi tumpak ti Malangbong?”
“TI Sukabumi mah parantos lami, nyimpang heula ka Sumedang nepangan sobat.”
“Saha jenenganana sobat Ujang teh?”
“Sukarma, putra Mas Paraja, bumina di Talun.”
“Euh Paraja eta, anu bumina dihateupan kenteng anu nyanghareup ka buruan?” tembalna.
“Tangtos,” jawab kuring.
“Atuh eta mah baraya Akang, pernah dulur misan. Lain, ari Ujang ka Tasik rek ka saha?”amung teu acan terang bumina, margi kadieu oge nembe ayeuna. Dupi engke di Tasik bade mondok di warung bae, sugan aya nu meutingkeun.”
“Har, naha bet kabeneran teuing. Kapan Akang oge rek balik ka Singaparna. Pak Haji Sukur mah tatangga Akang atuh. Urang bareng bae jeung Akang. Engke sare di Tasik mah gampang, Akang gaduh sobat tukang warung.”
“Nuhun pisan Akang kersa disarengan.”
“Geura beberes atuh, tuh geuning marakbak caang, kareta tereh eureun.

Ti Setatsion ka warung teh tumpak kahar, da jauh geuning. Lantaran di manehna cenah teu aya artos receh, nya sewa kahar teh dibayar heula ku kuring. Datang ka warung pek bebenah, geus kitu kop dalahar. Barang rek dibayar, manehna nyarek,

“Ulah, keun ku Akang bae. Isuk mun urang rek indit, sakalian jeung sewa mondok.” ceuk manehna.
“Saur Akang tukang warung teh sobat. Namung bet bangun teu sonoeun ka sobat teh, sareng kedah mayar sagala?”
“Meureun bae, eta mah lain nu bogana, bujangna !”

Barang geus beres dalahar, kuring duaan dug ngaredeng padeukeut bae. Bawaning ku cape, turug-turug hujan ngaririncik deuih, kuring tibra pisan sare the. Hudang-hudang geus meletek panonpoe. Barang cengkat, reuwas kabina-bina, lantaran sumawon papakean, batur tea oge euweuh. Malah beubeur dieusi duit nu dikedengan, lapur. 

Papakean nu aya teh ngan nu dipake hees bae, nyaeta calana kolor, samping jeung baju kaos. Salian ti eta mah teu aya deui sesana. Hing bae kuring ceurik. Indit ti warung teh ngan saukur make calana kolor jeung baju kaos, da samping mah dipake mayar dahar jeung mondok.

Sakitu carita anu dipikahatur, muga-muga janten pieunteungeun kanggo urang, saderek sareng parawargi sadayana. Hatur nuhun.

No comments:

Post a Comment