Monday, January 16, 2017

Gehger Ucing

Kakara oge saminggu bulan puasa teh, lembur Cigorowek geus harengheng deui bae. Peuting mangkukna, basa Aki Juhron balik taraweh, datang ka imahna tuluy ngelepek kapiuhan. Tapi kade, ieu mah lain pedah Si Buruy anu nyeungeut merecon di kolong imah Aki Juhron, atawa Si Melon anu sok pangangguran meuleum cengek dina tapas. Estuning teu aya anu apaleun pisan. Malah Nini Uhem oge, pamajikanana, mani langsung nyusulan Bah Dinta, dukun lepus anu kakoncara tea. Demi salaki, Nini Uhem teu malire kana poekna peuting. Ngingkig bae bari mamawa oncor. Bubuhan di Cigorowek mah acan aya listrik.

Aki Juhron kakara eling wanci janari. Eta oge lain pedah jangjawokan Bah Dinta anu matih, sabab Bah Dinta mah elingna oge ukur nyelang ngalaksanakeun saur wungkul. Geus beres saur mah kapiuhanana dituluykeun deui. Eling-elingna teh basa waktu adan magrib tinggal lima menit deui. Atuh harita mah langsung bae ditalek ku Nini Uhem. Atuh Aki Juhron oge teu hese, tuluy nyaritakeun anu jadi cukang lantaran manehna kapiuhan. Ari masalahna teh, Aki Juhron ngarasa reuwas, atawa ceuk legegna mah shock tea. Lantaran ucing kadeudeuhna leungit.
“Ucing-ucing bae dipikiran si aki mah! Kajeun teuing sing modar oge atuh, ngarah rada aman lamun nyimpen asin dina meja,” Nini Uhem jejebris.
“Na iraha Si Mela maling asin, ninina? Sangkilang bageur pisan Si Mela mah, beda pisan jeung ucing-ucing sejen. Komo jeung ucing garong anu Si Kowi mah,”
“Enya, ari geus leungit rek kumaha? Rek laporan ka pulisi? Atawa rek tahlil?”
“Tuh, da didinya mah teu ngarasakeun pisan kana hate didieu teh. Puguh didieu mah nineung pisan ka Si Mela teh. Nikmaaat pisan, sare jeung Si Mela mah, teu cara jeung…”
“Teu cara jeung saha? Hayoh jawab? Didieu dibandingkeun jeung ucing? Punten, lain lepel!” Nini Uhem rada nyentak.
“Geus atuh ninina, ulah ngajak pasea bae. Moal enya timburuan ka ucing atuh. Mun ka ucing gering mah pararuguh deui. Jaba ieu teh keur puasa. Apan ngambek teh matak ngabatalkeun puasa,”
“Enya heug. Tapi tingalikeun bae, engke lamun geus buka!” ceuk Nini Uhem semu anu ngancam.

Keur hog-hag kitu, hawar-hawar aya sora tina sepeker masigit. Jep, duanana jarempling bari ceulina mani rancung-rancung bae ngadengekeun sepeker. Malah Aki Juhron mah leungeunna mani geus ngarongkong kolek cau anu ngebul keneh.
“…sodarah-sodarah warga Cigorowek dan sekitarnya. Adan magrib tinggal dua menit deui. Di Surabaya mah sigana geus baruka. Tapi kulantaran urang mah aya di propinsi Bandung, aeh Jawa Barat, maka urang kudu nurut kana waktu Bandung dan sekitarnyah…” kitu pokna tina sepeker teh.
“Buru atuh umumkeun! Jahat aki, nyaho!” kadenge aya nu nyarita rada tarik. Kawasna mah teu pati anggang tinu keur nyarita kana mikna.
“Aeh enya. Ampir bae poho, euy. Para wargi, warga Cigorowek dan sekitarnyah. Bari ngadagoan adan magrib, aya sekilas inpo anu kacida pentingna. Telah hilang seekor kucing milik Pa Lurah Ukar yang bernama Joni. Ciri-cirina, rupa hideung pulas bodas totol-totol. Disadana ngeoooong. Karesepna ngahakan lauk jeung gurame. Tara ngegel ka jalma, kajaba kanu geulis…”
“Geus gandeng, ulah diembohan ku heureuy sagala rupa. Apan ieu teh masigit, nyaho! Tuh, geus meujeuhna adan.” Kitu anu kadenge tina sepeker teh. Atuh teu pati lila oge, anu tatadi ngocoblak tuluy adan magrib. Ditema ku sora kohkol jeung bedug anu patembalan ti saban tajug.

Aki Juhron ngahuleng. Kawasna mah ngarasa hemeng alatan Pa Lurah oge kaleungitan ucing. Mangkaning ucing Aki Juhron teh layeut pisan jeung ucingna Pa Lurah teh. Kabogohna cenah mah. Nepi ka unggal malem minggu oge, Aki Juhron mah sok nganteur ucingna ulin ka imah Pa Lurah Ukar.
“Moal kitu kawin lari mah? Aeh, na kawas jalma bae atuh.” Aki Juhron noroweco sorangan. Tarangna mani kerung-kerung bae mikiran ucingna anu leungit. Kawasna lamun teu inget kana taraweh, Aki Juhron geus indit maluruh ucingna ka leuweung Panuusan.

Perkara kaleungitan ucing teh horeng matak ngageunjleungkeun lembur. Sabab anu kaleungitanana lain Aki Juhron jeung Pa Lurah Ukar wungkul. Kaasup ucingna Beh Sarmud, Nini Uti, Juragang Jekong, Mang Eon nepi ka ucingna Neng Lina anu kakara lahir oge, sarua leungit tanpa laratan. Geus puguh deui ari sabangsaning ucing anu sok liliaran di luareun imah mah, geus teu katingali ringkang-ringkangna acan. Sasarina mah ucing garong anu buluna hideung meles oge, sok nangkring di parapatan. Tapi ayeuna mah ngadadak jadi ngariles teuing kamana.

Budal taraweh teh mani langsung reang nyaritakeun perkara ucing anu laleungit. Malah Mang RT jeung Mang hansip mah geus bur-ber kaditu-kadieu. Hanjakal pisan Bah Dinta teu walakaya, sabab ucingna oge sarua leungit.
“Ieu teh raja ucing di leuweung Cisaat, keur ulang taun.” Kitu ceuk Bah Dinta basa ditanya ku Pa Lurah Ukar. Tapi ieu teu didenge, sabab omonganana teu pati asup akal.
“Moal kitu, aya reinkarnasi…” Aki Juhon rek nyarita, tapi teu kebat, kaburu ditempas ku Aki Amanta.
“Meunggeus gandeng, reinkarnasi nanahaeun. Sidik aya nu maling!” kitu pokna Ki Amanta.

Sabot kabehanana keur tagiwur kitu, Mang Sueb lulumpatan ka imah Pa Lurah Ukar semu anu rarusuh naker. Mani titarajong sagala rupa, bubuhan hurung senterna oge geus meh beak batre. Gok, paamprok di buruan imah Pa Lurah Ukar. Bareng pisan jeung batu batrena anu beak. Atuh senterna oge pareum.
“Saha eta?” tanya Mang Sueb.
“Eta saha?” Pak Lurah malik nanya
“Aeh, Pa Lurah geuningan. Kabeneran pisan atuh. kuring teh rek ngabejakeun perkara laratan ucing,”
“Enya, kumaha, kumaha?” Pa Lurah Ukar mani tibuburanjat.
“Rek percaya, rek henteu, Pa Lurah. Ucing teh ngagunduk di imahna Si Etom. Kabeneran bae kuring ngaliwat ka imahna. Da eta mah sora ucing mani raeng. Teuing rek dikumahakeun eta teh,”
“Hayu atuh urang jorag ayeuna keneh!” Pa Lurah nyarita bari tuluy ngingkig. Samemehna nyimpang heula ka pos ronda, rek ngajakan Mang Hansip. Kabeneran pisan di pos ronda teh loba jalma anu ngagimbung. Bring bae atuh kabehanana marilu. Leungeunna nyarekel obor jeung pakarang naon bae anu bisa dipake. Komo Aki Juhron mah mani panghareupna bari jeung mekel ngabar-ngabar pedang pusaka titinggal karuhunna. Hanjakal pisan Aki Juhron, kakara nepi ka lebah tanjakan oge geus kudu dipayang. Teu kuateun ku eungap sigana mah. Kawantu imahna Mang Etom mah rada nenggang ti lembur. Katambah jalanna nanjak deuih.

Anjog ka buruan imah Mang Etom, kabehanana mani ngahegak carapeeun. Bray, panto imahna disorot ku senter Pa Lurah. Breh, aya tulisan ngajeblag kalayan atra tur bisa kabaca ku sarerea. ‘JANGAN DIGANGGU, SEDANG ADA PROYEK PLTU!’ kitu unina eta tulisan teh. Sarerea oge teu acan aya nu ngartieun.
“Etom, kaluar siah!” Aki Juhron ngagorowok bari renghap ranjug. Ditema ku nu sejenna mani paheuras-heuras genggerong. Atuh puguh Mang Etom mani tibuburanjat mukakeun panto. Blak, panto dibuka. Gebeg, Mang Etom katara semu anu reuwas kareureuhnakeun.
“Aya naon ieu teh?” Mang Etom ngajanteng dina lawang panto. Panonna ngulincer ka sakur anu keur ngagimbung di buruan imahna.
“Leupaskeun ucing aing! Lamun henteu, dijieun beurit maneh teh, Etom!” tembal Mang Sueb. Jadi pangwanianana ari loba batur mah.
“Sabar kelaanan…” teu wudu, Mang Etom oge beuki soak, dina kaayaan kitu mah.
“Etom, ari maneh enyaan maling ucing?” Pa Lurah Ukar tumanya rada leuleuy.
“Sanes maling, Pa Lurah. Abdi mah nambur heula sakedap,” tembalna bari neger-neger maneh.
“Ari nginjeum teu bebeja teh, sarua jeung maling, Etom. Heug barina oge, na keur nanahaon make jeung ngumpulkeun ucing sagala rupa? Rek dijual atawa rek dikawin?”
“Is, sanes pisan, Pa Lurah. Abdi mah teu pati bogoh ka ucing. Apan kabogoh abdi mah Neng Lina,”
“Ari enggeus, jang naon atuh?”
“Kieu Pa Lurah. Apan di lembur urang teh teu acan aya listrik,”
“Tuluy?” Pa Lurah panasaran.
“Muhun, apan ari ngajukeun ka pamarentah mah tos sababaraha kali. Hanjakalna teu dipalire bae. Lembur urang angger keneh encan kajangkau ku listrik. Tinggaleun pisan kasimpulanna mah,”
“Ari hubunganana jeung ucing, naon eta teh?”
“Pa Lurah, oge sakabeh warga Cigorowek. Sakalian bae ku abdi baris diterangkeun sajalantrahna. Abdi ngalakukeun ieu teh, demi kapentingan sarerea…” Mang Etom nyelang heula ngaluarkeun roko tina jero pesakna. Cekres, diseungeut. Serebung, serebung haseupna kaluar tina biwir jeung liang irungna.

“Nurutkeun para sarjana fisika, ucing teh mengandung aliran listrik anu kacida gedena. Lamun buluna digosok ku beusi sapuluh juta kali, pasti eta beusi teh bakal ngabogaan daya listrik anu gede. Sapuluh juta kali ngagesekkeun kana bulu ucing, bisa nyaangkeun bohlam anu tujuh puluh lima watt. Matak, kuring teh  ngumpulkeun ucing sing loba, ngarah sarerea bisa kabagean listrik. Minimalna saimah bisa meunang saratus watt,” Mang Etom ngarenghap heula rada panjang. Atuh anu ngabandungan oge jadi panasaran, hayang leuwih eces kana maksud pagawean Mang Etom.
“Etom, ari singketan PLTU teh naon?” SI Buruy nyelengkeung.
“Silaing mah, ongkoh sakola, tapi teu nyaho anu kitu-kitu acan. PLTU teh singkatan tina Pembangkit Listrik Tenaga Ucing,” tembalna kalem pisan. Ditema ku sora ucing ti jero imahna.

Ngadenge caritaan Mang Etom, sarerea oge jadi leah. Anu tadina napsu ngagugudug oge jadi malik muji kana paniatan Mang Etom. Malah Pa Lurah Ukar oge langsung imut ngagelenyu, nembongkeun paroman anu hegar marahmay. Kaasup, Aki Juhron oge langsung ngasupkeun deui pedang kana jero sarangkana.
“Lamun enya kitu mah, paniatan Mang Etom kacida alusna. Kuring, salaku lurah di ieu lembur, ngarojong kana kagiatan Mang Etom. Malah lamun perlu bantuan tanaga mah, sigana barudak oge bisa ngabantuan ngagosokan bulu ucing.” Kitu ceuk Pa Lurah, ditema ku surak sakur anu keur ngagimbung. Mang Dasim nepi ka susuitan sagala rupa.
“Heug atuh, pake bae heula ucing anu kuring. Tapi omat, kudu dianteurkeun deui urutna.” Aki Juhron mairan.
“Tenang, Ki,”
“Emang oge rido, ucing emang dipake proyek PLTU. Malah isukan rek mnginjeumkeun deui ucing anu minantu. Tapi Emang mah hayang kabagean opat ratus watt ngarah bisa nyetel tivi jeung maen PS.” Beh Sarmud embung tinggaleun.
“Enya atuh, sok bae sing jongjon digawe. Keun, keur saur mah engke dianteuran ku Si Lina. Bari…iraha atuh Mang Etom rek ngalamar budak kuring teh?” ceuk Pa Lurah Ukar.
“Engke bae panginten, saatosna rengse proyek PLTU.” Tembal Mang Etom semu anu bungaheun naker. Biwirna mani runya-renyu. Malah mun euweuh sasaha mah kawasna geus ajrag-ajragan. Padahal samemehna mah, Pa Lurah Ukar teh sok ngusir manehna, lamun pareng apel ka Neng Lina.

Si Buruy ngabalieur bari tuluy ngaleos rada rurusuhan. Lamun caang mah, beungeutna bakal katingali mani nyeak bareureum. Puguh bae, sabab Neng Lina teh sasat jadi kembang panyileukanna beurang jeung peuting. Kari-kari ayeuna, bapana mani togmol nitah ngalamar ka Mang Etom. Timburuan tea Si Buruy teh. Peuting isukna, kakara oge rerep perkara ucing, Lembur Cigorowek geus kariweuhan deui alatan loba anu kaleungitan hayam. Anu matak ngenes mah nasib Mang Junta, hayam teh mani diangkut jeung kandang-kandangna sagala rupa. Teuing saha jeung teuing naon maksud anu maling hayam teh. Nu eces mah dina poe ahad oge, di Cigorowek geus euweuh hayam anu ngulampreng hiji-hiji acan.                

Wednesday, January 4, 2017

Hawu

Balik ngumbara ti Bandung, kuring balik ka Plered. Di imah kuring di Plered, kuring nyieun Dapur Singer, pedah imah nu di kontrak ku kuring aya dapur singerna. Lain dapur singer meureun nu pas na mah, tapi hawu singer. Nu dimaksud dapur singer teh, saperti hawu biasa, kira satangtung cangkeng. Ari paranti neundeun suluhna lempengan, handapeun liang hawu nu kahiji, liang hawu nu kadua anggang 30 cm ti nu kahiji. Tukangeun liang hawu nu kadua, make liang haseup, make kuluwung ka luhur, opat kuluwung, jadi haseup teh teu mulek di dapur, da kaluar ngaliwat kuluwung tea, luhureun kenteng. Waragadna teu gede, semen satengah sak, bata beureum 30 siki, keusik tilu ember. Alusna dapur singer teh, haseup teu mulek di dapur, beresih kana alat-alat dapur sarta irit make tai ragaji.


Barudak mah masak make dapur singer teh horeameun, pokna teh. “Ah, Pa hese ngahurungkeunana.” Sakitu geus dicontoan cara ngahurungkeunana, nya manehanana mah masak make kompor wae. Tapi lamun geus teu boga duit, kapaksa masak make dapur singer, sabab suluh mah teu meuli, rea di kebon tukangeun imah kuring.

Ari ningal dapur singer teh, sok inget ka hawu, keur budak, tas mandi isuk-isuk teh tara dianduk, sok siduru wae, ngahaneutan awak. Duka kumaha da Purwakata teh baheula mah masih keneh tiris, nu ayeuna kacida panasna teh. Sok komo poe Minggu mah, siduru teh kacida ngeunahna, bari males-males, meuleum sampeu, tapi kudu geus beres nyangu, sabab seuneu bisa pareum dina waktu mubuy sampeuna. Sampeu teh dipesek, tuluy dikerik, digarang heula sok kabulen ku lebu. Sanggeus digarangkeun, kakara dibubuy. Kira-kira geus rada hipu dibalikkeun. Geus hipu mah dua beulahanana kakara dijait. Hiji hawu bisa meuleum dua atawa tilu sampeu. Ari dibuka teh mani apuy, kacida raosna. Ari indung kuring mah nuang sampeu meunang ngabubuy teh sok make jalantah atawa mantega, katingalna kacida raoseunana. Kalakuan kitu teh, lamun hujan gede, sok ka harawu siduru, mubuy sampeu, hui atawa cau nangka. Nepi ka ayeuna, karesep teh nu kitu, jauh tina bahan kimia. Barudak ayeuna mah teu ngalaman ngeunahna boga hawu di dapur.

Ari kana siduru mah ayeuna teu resep, resep keur budak wungkul, ongkoh hawuna teu aya. Sanajan ceuk kolot, “Ulah siduru Jang, matak loba pare.” Ku kuring ditembalan, “Nuhun atuh Ema, keun wae rek siduru terus ambeh loba pare.” bari resep siduru. “Ih, lain pare eta maksudna mah, tapi… pareot.” Ceuk Ema. “Euh eta,” ceuk kuring bari seuri, sugan teh pare nyaan.

Bisi barudak ayeuna mah can terang nu disebut hawu teh, hese nerangkeunana. Eta hawu dijieuna tina cadas ukuranana panjang hiji satengah meter, lebar satengah meter, jangkungna 30 cm. Aya nu disebut liang hawu paranti ngasupkeun suluh, tarang hawu, liang hawu hareup nu gurat tengahna 30 cm, liang hawu tukang nu gurat tengahna 20 cm. Eta kabeh kurang leuwih, jeung deuih beda-beda ukuranana dipas keun oge jeung ukuran imahna jeung kahayang nu boga imah. Eta hawu teh diteundeun dihandap, jadi siduru teh cingogo, bari ngasur-ngasur suluhna. Dina tarang hawu ku indung kuring mah sok diteundeunan hulu peda, jeung cucuk-cucuk lauk.

Isuk-isuk teh lamun rek ka sakola lamun teu aya deungeunna, nagog bari siduru, nyekel piring nu eusina sangu nu pulen, tah tina tarang hawu nyokot hulu peda nu gararing, atawa cucuk-cucuk lauk. Ayeuna mah kaharti geuning cucuk lauk teh matak kuat kana tulang. “Tong sok jajan di sakola, sasarap wae nu seseg,” ceuk indung kuring. Memang kuring mah tara jajan di sakola, da sangu akeul nu pulen oge matak kuat kana awak. Ari ayeuna mah sangu teh  tara pulen, sabab tara diakeul. Supaya sangu pulen teh, diakeulna dina dulang, nepi ka liket. Lamun teu aya deungeun sangu, isuk-isuk teh sok dipangnutugkeun uyah. Lamun aya sok tutug beuleum cau atawa tutug oncom beuleum. Sangu tutug mah ngeunah, kana awak teh matak seger, kana beuteung tiis karasana. Eta dina ngakeulna haseupna teh nepi ka teu aya, tapi haneut keneh. “Supaya ulah haseum sangu teh, haseupna kudu nepi ka teu aya.” Unggal nutug sok make cikur.

Ari pikeun nu resep mah, da baudak SD oge sok piknik, tara jauh ngan ka Curug Mengkol, ngajajal supaya kuat leumpang. Dibekelan ku indung sangu pulen, malah sangu beureum, dibungkus ku daun cau manggala nu dileumpeuh heula. Dibuka jam sabelas teh masih keneh pulen, deungeunna tahu jeung tempe meunang ngagoreng, malah harita mah make endog asin sagala. Bari ngampar, sarila deukeut curug Mengkol nu ayeuna di daeah Cihuni, mani raos karasana da leumpang sakitu jauhna. Teu cape, guru kuring dipasihan satimbel, kacida  bingaheunana, da timbelna beda ti batur.

Indung kuring mah salilana sok make hawu wae masakna. Ari suluhna suluh jati, sabab bapa kuring pagawe kahutanan, unggal bulan meunang jatah kai suluh kai jati saroda, cukup sabulaneun. Ari meulahanana sok ku kuring. Ngeunaheun pisan meulahan suluh jati mah, da uratna beres, “Pray, pray,” wae sakali ngampak teh. Kadang-kadang sok aya tukang gamparan ka imah, sok milihan suluh jati nu sakira bisa dijieun gamparan, sok dibeuli. “Lumayan keur nambahan balanja,” ceuk indung kuring.

Tukang nyieun gamparan nu sakitu lobana di Cipaisan, ayeuna mah teu aya hiji-hiji acan kaelehkeun ku sendal capit. Da bareto mah lamun kuring ka masigit teh sok make gamparan wae. Nya kitu deui tukang oncom di Cipaisan nu sakitu lobana teh, ayeuna mah tos teu aya hiji-hiji acan. Eta oncom teh nu sok ditutug ari isuk-isuk tea dibeuleum heula. Ari oncom Purwakarta buatan Cipaisan nu ayeuna tos punah teh, keureutanana laleutik hiji satengah sentimeter pasagi di dagangkeunana disuhun ku istri-istri dina nyiru. Dijieunna tina gebleg asli, raos pisan, ngan eleh ku oncom ti Bandung nu galede, duka kualitasna mah.

Ari di imah indung kuring mah, imahna depek jadi hawu teh dina taneuh. Imah paman kuring mah panggung, jadi dapur oge panggung,  hawu na diteundeun dina luhureun palupuh make taneuh jeung lebu. “Paranti nyangu waktu saur di bulan puasa,” ceuk paman kuring.

Ceuk indung kuring mah lamun nyangu make suluh jati, rasa sanguna beda lamun make suluh sejen. Jaman ayeuna mah sangu di restoran teh tara di akeul, iwal ti restoran nu aya di lembur kuring, sangu meunang ngakeul teh di kana boboko awikeun, make sambel dina coet. Saurang tamu hiji boboko, hiji coet, tangtu piringna oge hiji.

Sok inget mah jaman Jepang, meh kabeh barudak sakola teh bajuna ngan hiji-hijina. Kumaha lamun baseuh rek ka sakola? Indung kuring mah tara eleh akal. Supaya gancang garing baju teh teu ku panglicinan, tapi sok dideangkeun wae dihareupeun hawu, ngan kudu rajin jeung taliti, kurang-kurang taliti mah mah kaduruk bajuna. Eh eta mah jaman darurat, tong kaalaman deui.

Resep boga hawu teh, keur kelas tilu SD, kuring resep nguseup, unggal Minggu sok mapay-mapay Cikao atawa Cigembrong. Nguseupna sok meunang jeler, bogo atawa beunteur. Sok digarang hareupeun hawu, tara digoreng. Dina hawu mah nyangu teh sok ku seeng tambaga. Indung kuring boga dua seeng tambaga, nu gede paranti hajat, nu sedeng paranti nyangu sapopoe. Seeng tambaga mah payu digadekeun. Lamun seeng tambaga bocor keur saheulaanan sok ditambal ku gambir. Lamun aya tukang seeng tambaga nu dagang nguriling sok ditukeur tambah.

Dina taun 80-an ahir, kuring pindah ka Jakarta. Di Jakarta mah teu aya nu boga hawu, dapur singer oge teu aya nu bogaeun, marasakna make kompor atawa gas atawa listrik. Asalna kuring oge masak teh rek make gas, tapi sieun kahuruan, teu jadi. Ahirna mah masak make kompor wae, tapi da tarik cilaka. Harita teh bulan puasa, tukang masak ngaminyakan kompor loba teuing. Janari keur masak, da rek saur. Naon nu tingpeletek ceuk kuring, sada seuneu, kuring ngajleng tina kasur, masih keneh mamake kolor. Aduh Gusti eta mah dapur seuneu wungkul dina tehel teh. Kuring ngahudangkeun barudak nu milu ka Jakarta. Seuneu rek nepi kana lalangit. Ku kuring komporna dicapit ku sapu, dialungkeun kana seuneu nu keur ngagudag-gudag. Pes wae seuneu teh pareum. Ari cilaka mah, masak make gas, make kompor oge bisa kahuruan lamun kurang ati-ati mah, nya kitu deui masak make hawu oge bisa kahuruan, lamun ditinggalkeun aya angin, ngalentab kana bilik, matak ger kahuruan.

Awal taun 90-an, kuring balik ka Plered. Dapur singer geus dibongkar ku barudak. Teu resepeun barudak ayeuna mah masak dina hawu teh. Geus teu aya nu make, ngan kari kenang-kenangan nu endah. Kitu oge pikeun kuring. Memang jaman geus robah dina sagala kahirupan.

Warung Sangu (Warung Nasi) Bu Encoh

Opat-lima taun ka tukang mah warung nasi ‘SARIAN’ bogana Bu Encoh teh kajojo. Nu dahar atawa nu mincuk teh teu sirikna antri. Cacakan warung sanguna aya di tengah-tengah lembur. Komo mun di sisi jalan. “Ngeunah pasakanana… lain daripada yang lain!” kitu ceuk nu mareuli. Pangpangna mah murah we deuih.

Ka dieunakeun nu mareuli teh jadi ngurangan. Malah ka dieunakeun pisan mah set wae. Sabulan-sabulanna teh nu mareuli bisa diitung ku ramo. Ceuk sareat, pantes rek kitu oge, da ayeuna mah di lembur Bu Encoh aya kana opatna warung sangu teh, acan nu ketering.


“Ibuna…? Si Acih ge geuning muka warung nasi!” ceuk Pa Sobur, salakina. Harita manehna balik jalan-jalan. “Naon, Bapana?” Bu Encoh nu harita keur ngahaneut-haneutkeun pasakan, ngalieuk bari kerung. “Si Acih muka waung nasi!” gek, Pa Sobur diuk dina korsi. Cul Pasakan, gek Bu Encoh diuk nyanghareup ka salakina. “Si Acih urang kidul? Anak Ma Cimot?” ceuk Bu Encoh. “Enya eta… nu mana deui atuh!” tembal salakina. “Hadduuh…na manusa teh. Kahayang mah cik atuh dagang teh barang nu sejen, ulah nyokot hancengan batur..” Bu Encoh ngalageday bari mencetan tarang. “Jadi limaan ari kitu mah nu dagang sangu di lembur urang teh, nya?” pokna deui. “Heeh. Geus puguhan nu meuli teh disabot ku nu katering jeung ku tilu warung sejen. Pucunghul deui Aing mah” Pa Sobur jiga nu geregeten.. “Cik atuh amalkeun do’a nu ti Ajengan Cicangkring teh!” ceuk Pa Sobur. “Ituh bapana…. didieu mah kurang kumaha ngamalkeun. Unggal peuting ge…” tembal Bu Encoh. “Geuning taya hasilna?” ceuk Pa Sobur. “Duka teuing atuh…. do’a na teu matih meureun. Emh…., kumaha atuh nya dagang teh, kuriak beak modal… unggal poe dikorowotan ku kaperluan sapopoe,” Bu Encoh humandeuar. “Cik atuh bapana, neangan deui do’a nu jitu. Kaayaan kieu wae mah kurak bangkrut!” ceuk Bu Encoh. “Heeh.  Kamana atuh nya? Keun isuk mah rek ihtiar. Sugan…” ceuk Pa Sobur.

“Punten…!” aya nu punten. Duanana ngalalieuk. “Ih geuning Nyi Momoh. Bade ngagaleuh naon Nyi? Bu Encoh nanya bari cengkat. “Aya goreng udang Bu?” ceuk Nyi Momoh. “Ih, kaleresan nuju kosong!” tembal Bu Encoh. “Euh wios atuh. bade ka Bu Muslih we, manawi aya,” Nyi Momoh rek ngaleos, gancang leungeunna dijewang ku Bu Encoh. “Bilih peryogi nu sanesna, sok Nyi!” cenah. “Da peryogina ge goreng udang wungkul. Itu bapana budak palay goreng udang saurna. Mangga Bu,” Nyi Momoh kaluar ti warung. Leos. “Tuh nya, bapana. rajeun aya nu meuli, euweuh barangna. Minggu kamari diayaan goreng udang, euweuh nu meulina!” Bu Encoh keuheul. Pa Sobur balem.

Geus saminggu, Pa Sobur langka aya di imah. Mun balik, pasti barangbawa. “Geuning eta mah parukuyan, bapana?” ceuk Bu Encoh, hiji waktu basa Pa Sobur balik indit-inditan. “Heeh.” tembal Pa Sobur. “Keur naon parukuyan? Geus teu jaman ayeuna mah!” ceuk Bu Encoh. “Eeeeh…., ari taeun teh. Ngaranna ge ihtiar atuh!” Pa Sobur muncereng. “Dengekeun! Ieu teh ti dukun lepus urang Karawang. Cenah mun hayang payu dagang mah kudu daek nyuguh salasa jumaah!” ceuk Pa Sobur. “Kumaha carana?” Bu Encoh nanya. “Tiap malem Salasa jeung Jumaah kudu nyadiakeun cikopi pait, cisusu jeung surutu. Bakian, teundeun di goah. Terus meuleum menyan dina parukuyan. Kurilingkeun sabudeureun dagangan.” Pa Sobur ngajentrekeun ka Bu Encoh. “Ah, asa teu percaya abdi mah. Sieun pamali deuih. Ceuk Ajengan ge pan teu meunang kikituan teh, doraka!” ceuk Bu Encoh bari murengked. “Eeeeh, maneh mah. Ngaranna ge ihtiar. Sugan we…!” tembal Pa Sobur. “Muhun da ihtiar oge kudu jalan hade. Ieu mah ….. “ ceuk Bu Encoh. “Sabodo atuh ah ari kitu mah. Ongkoh hayang payu dagangan!” Pa Sobur ngalieus bari ambek. “Enya atuh sok, terus kumaha?” ceuk Bu encoh hayang nyaho carana. “Heueuh kitu we. Laksanakeun heula ulah waka protes. Manusa mah darma ihtiar, Pangeran nu ngaijabah mah!” tembal Pa Sobur. “Ari itu, isim-isim bawa Bapa nu diteundeun handapeun dagangan, kumaha?” tanya Bu Encoh. “Antep we didinya” tembal Pa Sobur. “Ah urang cokotan we nya? Naon geuning diteundeunan isim ge angger wae…” ceuk Bu Encoh bari rada ngajebris. “Ulah, keun we antep. Boa ku tiditu tidieu nu bakal mayukeun teh.” Ceuk Pa Sobur.

Unggal malem Salasa jeung Jumaah, Bu Encoh katut Pa Sobur boga tugas anyar. Ngukus jeung nyuguh. Tapi geus aya kana bulanna, warung nasi na angger keneh kurang nu meuli, malah deukeut-deukeut ka ngajejes bangkrut. Atuda si dagangan teh batan loba nu kajual mah kalah loba nu kadaharna. Acan si modal loba kabedol ku kaperluan sejenna. Kaayaan Bu Encoh katut salakina deukeut-deukeut ka reuntas harepan.

“Dagangan parongpong, duit ladangna euweuh. Kumaha atuh bapana?” ceuk Bu Encoh. “Ari enggeus kumaha? Da ihtiar mah asa geus beak dengkak. Mun bisa mah pepekan deui dagangan teh,” ceuk Pa Sobur. “Keur naon ari teu payu mah!” tembal Bu Encoh. “Lain, nya era we atuh ku warung nasi sejen. Pajarkeun keh bangkrut.” Ceuk Pa Sobur. “Enya nya….tapi timana atuh keur mepekan deui? Modal na ge ledis.” Ceuk Bu Encoh. “Eta emas sakitu reunceumna. Jual, jieun modal.” Ceuk Pa Sobur bari melong kana kongkorong jeung geulang emas Bu Encoh. “Hih, lebar. Komo beuki era purutul mah!” Bu Encoh mani nyunghid. “Tapi era deuih nya disebutkeun warung nasi urang bangkrut mah….” ceuk Pa Sobur. “Heeh era. Kumaha atuh nya? Bu Encoh ngahuleng neang pijalaneun. “Tah Enya…urang nginjeum we modal na ka anak urang, bapana!” ceuk Bu Encoh rada sumringah. “Ka saha? Ka Si Asep? Karunya keur kuriak. Jauh ka mantuan. Ieu mah hayoh rek dianjukan. Mun ka Si Omih teuing!” ceuk Pa Sobur. “Enya ka Si Omih. Piraku manehna teu bogaeun. Pan salakina kamari meunang borongan gede, lin?” ceuk Bu Encoh. “Heeh. Tapi ceuk Bapa mah ulah ngaririweuhkeun anak sapanjang urang boga barang jualeun mah…” tembal Pa Sobur. “Ah, naha da lain menta…Nganjuk! Engke dibayar!” Bu Encoh ngagadeud. “Enya ah, rek ka Si Omih isukan mah” bu Encoh keukeuh. “Kumaha dinya we” Pa Sobur semu nu keuheul, pedah pamajikanana neugtreug.

Isukna, rebun-rebun keneh, Bu Encoh geus indit ka Padalarang. Nepungan anakna sakumaha maksudna. Pa Sobur mah teu milu, tugas nungguan warung. Kabeneran, datang ka nu dituju teh keur araya. Sanggeus reureuh, derekdek Bu Encoh ngadadarkeun pamaksudanana. Teu tinggaleun, samemehna ngadongengkeun heula kaayaan warungna katut sarupaning ihtiar nu dilakonan ku manehna katut Pa Sobur. Omih katut Omon salakina, mani husu naker ngadengekeun. Rengse Bu Encoh dodongeng katut ngedalkeun pamaksudan, Omon ngareret ka pamajikanana. Sanggeus kitu, teup ka mitohana.

“Ari perkawis artos nu saratus dua ratus mah teu kedah bingung. Mangga teh teuing, aya. Mung….ari ukur bade dianggo nutupan kaisin ku nu sanes mah teu aya hartosna atuh Ma. Sakedahna Ema sareng Bapa teh ihtiar supados warung tiasa laris deui!” ceuk Omon. “Ari Ujang. Kurang kumaha Ema jeung Bapa ihtiar. Apan tadi ge geus didongengkeun. Teu sirikna tiap jalma pinter, nu nyaho mah didatangan, dipentaan tulung. Tapi ….” ceuk Bu Encoh, tapi omonganna kaburu dipotong ku Omih. “Maksad Kang Omon mah sanes perkawis eta,” ceuk Omih. “Ari enggeus?” Bu Encoh teugeug. Omih Ngareret salakina. “Sakedap, Ma. Abdi bade tumaros …. Sakaterang abdi, warung nasi kagungan teh ti kapungkur asa kitu-kitu keneh ….” Ceuk Omon nanya ka indungna. “Maksud Ujang?” ceuk Bu Encoh bari nyureng. “Muhun. Boh lomari tuangeun, boh tempat taruangna asa kitu-kitu keneh. Leres?” Omon nanya ka Bu Encoh, indungna. “Memang enya. Ari kitu?” tembal Bu Encoh. “Tah, boa ku hal eta matak icalan teu laku teh, Ma.” ceuk Omih. “Ieuh, Ma. Ayeuna mah nu maleser teh milih. Sanes milih ku raosna katuangan wae, tempatna ge dipeunteun. Komo deui ieu warung nasi. Disagedengeun katuanganana raos jeung mirah, oge tempatna kedah beresih tur pikabetaheun. Warung nasi nu Ema mah kumaha tuda….ti kapungkur diwartosan teh. Ema mah teu weleh wuah jeung wuah wae. Bersaing ayeuna mah nu dagang teh, Ma. Bersaing!” Omih mani norowelang. Omon unggut-unggutan, sedeng Bu Encoh mah ngahuleng we. 
“Saean geura Ma warung teh. Insya Alloh laris deui,” ceuk Omon. “Heeh, kudu kitu meureun…,” Bu Encoh nembalna semu nu malaweung. “Tapi ti mana modalna atuh, Jang?” ret ka Omon. “Ih, Ema mah…eta emas mani reunceum kitu. Ical, angge modal. Engke oge kagentosan deui,” ceuk Omih. “Weeeh, nyasat atuh kudu ngajual emas mah. Enggeus we tong ngurihit kadieu!” ceuk Bu Encoh nyereng. “Wios, Ma. Perkawis nyaean warung sareng modal kanggo dagangan samentawis ti abdi heula,” ceuk Omon. “Tah, mun kitu onaman. Nuhun, Jang. Keun, da engke oge ku Ema dibayar. Ulah sieun!” Bu Encoh bungah. Omih ngadelek. “Iraha atuh kira-kirana rek prung?” ceuk Bu Encoh. “Enjing pageto abdi kaditu. Sakantenan bari nyandak padamel,” ceuk Omon. “Nuhun atuh, Jang. Ke, ari ladang usaha Si Bapa kumaha? Jalankeun terus entong?” ceuk Bu Encoh. “Naon tea?” ceuk Omih. “Heeh eta….soal isim-isim jeung nyuguh.” Tembal Bu Encoh. “Ema langkung uninga. Pangemut abdi ari sakira-kirana nu ngalanggar hukum syara mah tong diangge, haram apan.” ceuk Omih. “Heeh, Ema oga nyaho. Nyeta atuh, bakat ku baluweng kieu eta teh,” ceuk Nu Encoh.

Dua poe ti harita, Omon ka Cilamaya, ka imah mitohana. Inditna diiringkeun ku pagawe bangunan tiluan, anak buahna. Sanggeus lima bulan, Omih narima surat ti indung bapana. eusina matak pikabungaheun. Cenah dagang teh ayeuna mah laris deui, siga baheula. Kaduhung cenah, make kabawa ku sakaba-kaba, dudukun sagala, hanas metu henteu paharaman dilakonan. Dina surat keneh, Bu Encoh nitah Omon sakulawarga nganjang ka Cilamaya. Basana mah rek mayar hutang urut modal jeung ngomean warung. Dina tungtung surat, diimplik-implikan…..Ema jeung Bapa menta dihampura teu bisa datang ka Padalarang. Lain teu maksud, tapi sibuk ngaladangan nu meuli!.