Opat-lima taun ka tukang mah warung nasi ‘SARIAN’ bogana Bu Encoh teh kajojo. Nu dahar atawa nu mincuk teh teu sirikna antri. Cacakan warung sanguna aya di tengah-tengah lembur. Komo mun di sisi jalan. “Ngeunah pasakanana… lain daripada yang lain!” kitu ceuk nu mareuli. Pangpangna mah murah we deuih.
Ka dieunakeun nu mareuli teh jadi ngurangan. Malah ka dieunakeun pisan mah set wae. Sabulan-sabulanna teh nu mareuli bisa diitung ku ramo. Ceuk sareat, pantes rek kitu oge, da ayeuna mah di lembur Bu Encoh aya kana opatna warung sangu teh, acan nu ketering.
“Ibuna…? Si Acih ge geuning muka warung nasi!” ceuk Pa Sobur, salakina. Harita manehna balik jalan-jalan. “Naon, Bapana?” Bu Encoh nu harita keur ngahaneut-haneutkeun pasakan, ngalieuk bari kerung. “Si Acih muka waung nasi!” gek, Pa Sobur diuk dina korsi. Cul Pasakan, gek Bu Encoh diuk nyanghareup ka salakina. “Si Acih urang kidul? Anak Ma Cimot?” ceuk Bu Encoh. “Enya eta… nu mana deui atuh!” tembal salakina. “Hadduuh…na manusa teh. Kahayang mah cik atuh dagang teh barang nu sejen, ulah nyokot hancengan batur..” Bu Encoh ngalageday bari mencetan tarang. “Jadi limaan ari kitu mah nu dagang sangu di lembur urang teh, nya?” pokna deui. “Heeh. Geus puguhan nu meuli teh disabot ku nu katering jeung ku tilu warung sejen. Pucunghul deui Aing mah” Pa Sobur jiga nu geregeten.. “Cik atuh amalkeun do’a nu ti Ajengan Cicangkring teh!” ceuk Pa Sobur. “Ituh bapana…. didieu mah kurang kumaha ngamalkeun. Unggal peuting ge…” tembal Bu Encoh. “Geuning taya hasilna?” ceuk Pa Sobur. “Duka teuing atuh…. do’a na teu matih meureun. Emh…., kumaha atuh nya dagang teh, kuriak beak modal… unggal poe dikorowotan ku kaperluan sapopoe,” Bu Encoh humandeuar. “Cik atuh bapana, neangan deui do’a nu jitu. Kaayaan kieu wae mah kurak bangkrut!” ceuk Bu Encoh. “Heeh. Kamana atuh nya? Keun isuk mah rek ihtiar. Sugan…” ceuk Pa Sobur.
“Punten…!” aya nu punten. Duanana ngalalieuk. “Ih geuning Nyi Momoh. Bade ngagaleuh naon Nyi? Bu Encoh nanya bari cengkat. “Aya goreng udang Bu?” ceuk Nyi Momoh. “Ih, kaleresan nuju kosong!” tembal Bu Encoh. “Euh wios atuh. bade ka Bu Muslih we, manawi aya,” Nyi Momoh rek ngaleos, gancang leungeunna dijewang ku Bu Encoh. “Bilih peryogi nu sanesna, sok Nyi!” cenah. “Da peryogina ge goreng udang wungkul. Itu bapana budak palay goreng udang saurna. Mangga Bu,” Nyi Momoh kaluar ti warung. Leos. “Tuh nya, bapana. rajeun aya nu meuli, euweuh barangna. Minggu kamari diayaan goreng udang, euweuh nu meulina!” Bu Encoh keuheul. Pa Sobur balem.
Geus saminggu, Pa Sobur langka aya di imah. Mun balik, pasti barangbawa. “Geuning eta mah parukuyan, bapana?” ceuk Bu Encoh, hiji waktu basa Pa Sobur balik indit-inditan. “Heeh.” tembal Pa Sobur. “Keur naon parukuyan? Geus teu jaman ayeuna mah!” ceuk Bu Encoh. “Eeeeh…., ari taeun teh. Ngaranna ge ihtiar atuh!” Pa Sobur muncereng. “Dengekeun! Ieu teh ti dukun lepus urang Karawang. Cenah mun hayang payu dagang mah kudu daek nyuguh salasa jumaah!” ceuk Pa Sobur. “Kumaha carana?” Bu Encoh nanya. “Tiap malem Salasa jeung Jumaah kudu nyadiakeun cikopi pait, cisusu jeung surutu. Bakian, teundeun di goah. Terus meuleum menyan dina parukuyan. Kurilingkeun sabudeureun dagangan.” Pa Sobur ngajentrekeun ka Bu Encoh. “Ah, asa teu percaya abdi mah. Sieun pamali deuih. Ceuk Ajengan ge pan teu meunang kikituan teh, doraka!” ceuk Bu Encoh bari murengked. “Eeeeh, maneh mah. Ngaranna ge ihtiar. Sugan we…!” tembal Pa Sobur. “Muhun da ihtiar oge kudu jalan hade. Ieu mah ….. “ ceuk Bu Encoh. “Sabodo atuh ah ari kitu mah. Ongkoh hayang payu dagangan!” Pa Sobur ngalieus bari ambek. “Enya atuh sok, terus kumaha?” ceuk Bu encoh hayang nyaho carana. “Heueuh kitu we. Laksanakeun heula ulah waka protes. Manusa mah darma ihtiar, Pangeran nu ngaijabah mah!” tembal Pa Sobur. “Ari itu, isim-isim bawa Bapa nu diteundeun handapeun dagangan, kumaha?” tanya Bu Encoh. “Antep we didinya” tembal Pa Sobur. “Ah urang cokotan we nya? Naon geuning diteundeunan isim ge angger wae…” ceuk Bu Encoh bari rada ngajebris. “Ulah, keun we antep. Boa ku tiditu tidieu nu bakal mayukeun teh.” Ceuk Pa Sobur.
Unggal malem Salasa jeung Jumaah, Bu Encoh katut Pa Sobur boga tugas anyar. Ngukus jeung nyuguh. Tapi geus aya kana bulanna, warung nasi na angger keneh kurang nu meuli, malah deukeut-deukeut ka ngajejes bangkrut. Atuda si dagangan teh batan loba nu kajual mah kalah loba nu kadaharna. Acan si modal loba kabedol ku kaperluan sejenna. Kaayaan Bu Encoh katut salakina deukeut-deukeut ka reuntas harepan.
“Dagangan parongpong, duit ladangna euweuh. Kumaha atuh bapana?” ceuk Bu Encoh. “Ari enggeus kumaha? Da ihtiar mah asa geus beak dengkak. Mun bisa mah pepekan deui dagangan teh,” ceuk Pa Sobur. “Keur naon ari teu payu mah!” tembal Bu Encoh. “Lain, nya era we atuh ku warung nasi sejen. Pajarkeun keh bangkrut.” Ceuk Pa Sobur. “Enya nya….tapi timana atuh keur mepekan deui? Modal na ge ledis.” Ceuk Bu Encoh. “Eta emas sakitu reunceumna. Jual, jieun modal.” Ceuk Pa Sobur bari melong kana kongkorong jeung geulang emas Bu Encoh. “Hih, lebar. Komo beuki era purutul mah!” Bu Encoh mani nyunghid. “Tapi era deuih nya disebutkeun warung nasi urang bangkrut mah….” ceuk Pa Sobur. “Heeh era. Kumaha atuh nya? Bu Encoh ngahuleng neang pijalaneun. “Tah Enya…urang nginjeum we modal na ka anak urang, bapana!” ceuk Bu Encoh rada sumringah. “Ka saha? Ka Si Asep? Karunya keur kuriak. Jauh ka mantuan. Ieu mah hayoh rek dianjukan. Mun ka Si Omih teuing!” ceuk Pa Sobur. “Enya ka Si Omih. Piraku manehna teu bogaeun. Pan salakina kamari meunang borongan gede, lin?” ceuk Bu Encoh. “Heeh. Tapi ceuk Bapa mah ulah ngaririweuhkeun anak sapanjang urang boga barang jualeun mah…” tembal Pa Sobur. “Ah, naha da lain menta…Nganjuk! Engke dibayar!” Bu Encoh ngagadeud. “Enya ah, rek ka Si Omih isukan mah” bu Encoh keukeuh. “Kumaha dinya we” Pa Sobur semu nu keuheul, pedah pamajikanana neugtreug.
Isukna, rebun-rebun keneh, Bu Encoh geus indit ka Padalarang. Nepungan anakna sakumaha maksudna. Pa Sobur mah teu milu, tugas nungguan warung. Kabeneran, datang ka nu dituju teh keur araya. Sanggeus reureuh, derekdek Bu Encoh ngadadarkeun pamaksudanana. Teu tinggaleun, samemehna ngadongengkeun heula kaayaan warungna katut sarupaning ihtiar nu dilakonan ku manehna katut Pa Sobur. Omih katut Omon salakina, mani husu naker ngadengekeun. Rengse Bu Encoh dodongeng katut ngedalkeun pamaksudan, Omon ngareret ka pamajikanana. Sanggeus kitu, teup ka mitohana.
“Ari perkawis artos nu saratus dua ratus mah teu kedah bingung. Mangga teh teuing, aya. Mung….ari ukur bade dianggo nutupan kaisin ku nu sanes mah teu aya hartosna atuh Ma. Sakedahna Ema sareng Bapa teh ihtiar supados warung tiasa laris deui!” ceuk Omon. “Ari Ujang. Kurang kumaha Ema jeung Bapa ihtiar. Apan tadi ge geus didongengkeun. Teu sirikna tiap jalma pinter, nu nyaho mah didatangan, dipentaan tulung. Tapi ….” ceuk Bu Encoh, tapi omonganna kaburu dipotong ku Omih. “Maksad Kang Omon mah sanes perkawis eta,” ceuk Omih. “Ari enggeus?” Bu Encoh teugeug. Omih Ngareret salakina. “Sakedap, Ma. Abdi bade tumaros …. Sakaterang abdi, warung nasi kagungan teh ti kapungkur asa kitu-kitu keneh ….” Ceuk Omon nanya ka indungna. “Maksud Ujang?” ceuk Bu Encoh bari nyureng. “Muhun. Boh lomari tuangeun, boh tempat taruangna asa kitu-kitu keneh. Leres?” Omon nanya ka Bu Encoh, indungna. “Memang enya. Ari kitu?” tembal Bu Encoh. “Tah, boa ku hal eta matak icalan teu laku teh, Ma.” ceuk Omih. “Ieuh, Ma. Ayeuna mah nu maleser teh milih. Sanes milih ku raosna katuangan wae, tempatna ge dipeunteun. Komo deui ieu warung nasi. Disagedengeun katuanganana raos jeung mirah, oge tempatna kedah beresih tur pikabetaheun. Warung nasi nu Ema mah kumaha tuda….ti kapungkur diwartosan teh. Ema mah teu weleh wuah jeung wuah wae. Bersaing ayeuna mah nu dagang teh, Ma. Bersaing!” Omih mani norowelang. Omon unggut-unggutan, sedeng Bu Encoh mah ngahuleng we.
“Saean geura Ma warung teh. Insya Alloh laris deui,” ceuk Omon. “Heeh, kudu kitu meureun…,” Bu Encoh nembalna semu nu malaweung. “Tapi ti mana modalna atuh, Jang?” ret ka Omon. “Ih, Ema mah…eta emas mani reunceum kitu. Ical, angge modal. Engke oge kagentosan deui,” ceuk Omih. “Weeeh, nyasat atuh kudu ngajual emas mah. Enggeus we tong ngurihit kadieu!” ceuk Bu Encoh nyereng. “Wios, Ma. Perkawis nyaean warung sareng modal kanggo dagangan samentawis ti abdi heula,” ceuk Omon. “Tah, mun kitu onaman. Nuhun, Jang. Keun, da engke oge ku Ema dibayar. Ulah sieun!” Bu Encoh bungah. Omih ngadelek. “Iraha atuh kira-kirana rek prung?” ceuk Bu Encoh. “Enjing pageto abdi kaditu. Sakantenan bari nyandak padamel,” ceuk Omon. “Nuhun atuh, Jang. Ke, ari ladang usaha Si Bapa kumaha? Jalankeun terus entong?” ceuk Bu Encoh. “Naon tea?” ceuk Omih. “Heeh eta….soal isim-isim jeung nyuguh.” Tembal Bu Encoh. “Ema langkung uninga. Pangemut abdi ari sakira-kirana nu ngalanggar hukum syara mah tong diangge, haram apan.” ceuk Omih. “Heeh, Ema oga nyaho. Nyeta atuh, bakat ku baluweng kieu eta teh,” ceuk Nu Encoh.
Dua poe ti harita, Omon ka Cilamaya, ka imah mitohana. Inditna diiringkeun ku pagawe bangunan tiluan, anak buahna. Sanggeus lima bulan, Omih narima surat ti indung bapana. eusina matak pikabungaheun. Cenah dagang teh ayeuna mah laris deui, siga baheula. Kaduhung cenah, make kabawa ku sakaba-kaba, dudukun sagala, hanas metu henteu paharaman dilakonan. Dina surat keneh, Bu Encoh nitah Omon sakulawarga nganjang ka Cilamaya. Basana mah rek mayar hutang urut modal jeung ngomean warung. Dina tungtung surat, diimplik-implikan…..Ema jeung Bapa menta dihampura teu bisa datang ka Padalarang. Lain teu maksud, tapi sibuk ngaladangan nu meuli!.
No comments:
Post a Comment