Balik ngumbara ti Bandung, kuring balik ka Plered. Di imah kuring di Plered, kuring nyieun Dapur Singer, pedah imah nu di kontrak ku kuring aya dapur singerna. Lain dapur singer meureun nu pas na mah, tapi hawu singer. Nu dimaksud dapur singer teh, saperti hawu biasa, kira satangtung cangkeng. Ari paranti neundeun suluhna lempengan, handapeun liang hawu nu kahiji, liang hawu nu kadua anggang 30 cm ti nu kahiji. Tukangeun liang hawu nu kadua, make liang haseup, make kuluwung ka luhur, opat kuluwung, jadi haseup teh teu mulek di dapur, da kaluar ngaliwat kuluwung tea, luhureun kenteng. Waragadna teu gede, semen satengah sak, bata beureum 30 siki, keusik tilu ember. Alusna dapur singer teh, haseup teu mulek di dapur, beresih kana alat-alat dapur sarta irit make tai ragaji.
Barudak mah masak make dapur singer teh horeameun, pokna teh. “Ah, Pa hese ngahurungkeunana.” Sakitu geus dicontoan cara ngahurungkeunana, nya manehanana mah masak make kompor wae. Tapi lamun geus teu boga duit, kapaksa masak make dapur singer, sabab suluh mah teu meuli, rea di kebon tukangeun imah kuring.
Ari ningal dapur singer teh, sok inget ka hawu, keur budak, tas mandi isuk-isuk teh tara dianduk, sok siduru wae, ngahaneutan awak. Duka kumaha da Purwakata teh baheula mah masih keneh tiris, nu ayeuna kacida panasna teh. Sok komo poe Minggu mah, siduru teh kacida ngeunahna, bari males-males, meuleum sampeu, tapi kudu geus beres nyangu, sabab seuneu bisa pareum dina waktu mubuy sampeuna. Sampeu teh dipesek, tuluy dikerik, digarang heula sok kabulen ku lebu. Sanggeus digarangkeun, kakara dibubuy. Kira-kira geus rada hipu dibalikkeun. Geus hipu mah dua beulahanana kakara dijait. Hiji hawu bisa meuleum dua atawa tilu sampeu. Ari dibuka teh mani apuy, kacida raosna. Ari indung kuring mah nuang sampeu meunang ngabubuy teh sok make jalantah atawa mantega, katingalna kacida raoseunana. Kalakuan kitu teh, lamun hujan gede, sok ka harawu siduru, mubuy sampeu, hui atawa cau nangka. Nepi ka ayeuna, karesep teh nu kitu, jauh tina bahan kimia. Barudak ayeuna mah teu ngalaman ngeunahna boga hawu di dapur.
Ari kana siduru mah ayeuna teu resep, resep keur budak wungkul, ongkoh hawuna teu aya. Sanajan ceuk kolot, “Ulah siduru Jang, matak loba pare.” Ku kuring ditembalan, “Nuhun atuh Ema, keun wae rek siduru terus ambeh loba pare.” bari resep siduru. “Ih, lain pare eta maksudna mah, tapi… pareot.” Ceuk Ema. “Euh eta,” ceuk kuring bari seuri, sugan teh pare nyaan.
Bisi barudak ayeuna mah can terang nu disebut hawu teh, hese nerangkeunana. Eta hawu dijieuna tina cadas ukuranana panjang hiji satengah meter, lebar satengah meter, jangkungna 30 cm. Aya nu disebut liang hawu paranti ngasupkeun suluh, tarang hawu, liang hawu hareup nu gurat tengahna 30 cm, liang hawu tukang nu gurat tengahna 20 cm. Eta kabeh kurang leuwih, jeung deuih beda-beda ukuranana dipas keun oge jeung ukuran imahna jeung kahayang nu boga imah. Eta hawu teh diteundeun dihandap, jadi siduru teh cingogo, bari ngasur-ngasur suluhna. Dina tarang hawu ku indung kuring mah sok diteundeunan hulu peda, jeung cucuk-cucuk lauk.
Isuk-isuk teh lamun rek ka sakola lamun teu aya deungeunna, nagog bari siduru, nyekel piring nu eusina sangu nu pulen, tah tina tarang hawu nyokot hulu peda nu gararing, atawa cucuk-cucuk lauk. Ayeuna mah kaharti geuning cucuk lauk teh matak kuat kana tulang. “Tong sok jajan di sakola, sasarap wae nu seseg,” ceuk indung kuring. Memang kuring mah tara jajan di sakola, da sangu akeul nu pulen oge matak kuat kana awak. Ari ayeuna mah sangu teh tara pulen, sabab tara diakeul. Supaya sangu pulen teh, diakeulna dina dulang, nepi ka liket. Lamun teu aya deungeun sangu, isuk-isuk teh sok dipangnutugkeun uyah. Lamun aya sok tutug beuleum cau atawa tutug oncom beuleum. Sangu tutug mah ngeunah, kana awak teh matak seger, kana beuteung tiis karasana. Eta dina ngakeulna haseupna teh nepi ka teu aya, tapi haneut keneh. “Supaya ulah haseum sangu teh, haseupna kudu nepi ka teu aya.” Unggal nutug sok make cikur.
Ari pikeun nu resep mah, da baudak SD oge sok piknik, tara jauh ngan ka Curug Mengkol, ngajajal supaya kuat leumpang. Dibekelan ku indung sangu pulen, malah sangu beureum, dibungkus ku daun cau manggala nu dileumpeuh heula. Dibuka jam sabelas teh masih keneh pulen, deungeunna tahu jeung tempe meunang ngagoreng, malah harita mah make endog asin sagala. Bari ngampar, sarila deukeut curug Mengkol nu ayeuna di daeah Cihuni, mani raos karasana da leumpang sakitu jauhna. Teu cape, guru kuring dipasihan satimbel, kacida bingaheunana, da timbelna beda ti batur.
Indung kuring mah salilana sok make hawu wae masakna. Ari suluhna suluh jati, sabab bapa kuring pagawe kahutanan, unggal bulan meunang jatah kai suluh kai jati saroda, cukup sabulaneun. Ari meulahanana sok ku kuring. Ngeunaheun pisan meulahan suluh jati mah, da uratna beres, “Pray, pray,” wae sakali ngampak teh. Kadang-kadang sok aya tukang gamparan ka imah, sok milihan suluh jati nu sakira bisa dijieun gamparan, sok dibeuli. “Lumayan keur nambahan balanja,” ceuk indung kuring.
Tukang nyieun gamparan nu sakitu lobana di Cipaisan, ayeuna mah teu aya hiji-hiji acan kaelehkeun ku sendal capit. Da bareto mah lamun kuring ka masigit teh sok make gamparan wae. Nya kitu deui tukang oncom di Cipaisan nu sakitu lobana teh, ayeuna mah tos teu aya hiji-hiji acan. Eta oncom teh nu sok ditutug ari isuk-isuk tea dibeuleum heula. Ari oncom Purwakarta buatan Cipaisan nu ayeuna tos punah teh, keureutanana laleutik hiji satengah sentimeter pasagi di dagangkeunana disuhun ku istri-istri dina nyiru. Dijieunna tina gebleg asli, raos pisan, ngan eleh ku oncom ti Bandung nu galede, duka kualitasna mah.
Ari di imah indung kuring mah, imahna depek jadi hawu teh dina taneuh. Imah paman kuring mah panggung, jadi dapur oge panggung, hawu na diteundeun dina luhureun palupuh make taneuh jeung lebu. “Paranti nyangu waktu saur di bulan puasa,” ceuk paman kuring.
Ceuk indung kuring mah lamun nyangu make suluh jati, rasa sanguna beda lamun make suluh sejen. Jaman ayeuna mah sangu di restoran teh tara di akeul, iwal ti restoran nu aya di lembur kuring, sangu meunang ngakeul teh di kana boboko awikeun, make sambel dina coet. Saurang tamu hiji boboko, hiji coet, tangtu piringna oge hiji.
Sok inget mah jaman Jepang, meh kabeh barudak sakola teh bajuna ngan hiji-hijina. Kumaha lamun baseuh rek ka sakola? Indung kuring mah tara eleh akal. Supaya gancang garing baju teh teu ku panglicinan, tapi sok dideangkeun wae dihareupeun hawu, ngan kudu rajin jeung taliti, kurang-kurang taliti mah mah kaduruk bajuna. Eh eta mah jaman darurat, tong kaalaman deui.
Resep boga hawu teh, keur kelas tilu SD, kuring resep nguseup, unggal Minggu sok mapay-mapay Cikao atawa Cigembrong. Nguseupna sok meunang jeler, bogo atawa beunteur. Sok digarang hareupeun hawu, tara digoreng. Dina hawu mah nyangu teh sok ku seeng tambaga. Indung kuring boga dua seeng tambaga, nu gede paranti hajat, nu sedeng paranti nyangu sapopoe. Seeng tambaga mah payu digadekeun. Lamun seeng tambaga bocor keur saheulaanan sok ditambal ku gambir. Lamun aya tukang seeng tambaga nu dagang nguriling sok ditukeur tambah.
Dina taun 80-an ahir, kuring pindah ka Jakarta. Di Jakarta mah teu aya nu boga hawu, dapur singer oge teu aya nu bogaeun, marasakna make kompor atawa gas atawa listrik. Asalna kuring oge masak teh rek make gas, tapi sieun kahuruan, teu jadi. Ahirna mah masak make kompor wae, tapi da tarik cilaka. Harita teh bulan puasa, tukang masak ngaminyakan kompor loba teuing. Janari keur masak, da rek saur. Naon nu tingpeletek ceuk kuring, sada seuneu, kuring ngajleng tina kasur, masih keneh mamake kolor. Aduh Gusti eta mah dapur seuneu wungkul dina tehel teh. Kuring ngahudangkeun barudak nu milu ka Jakarta. Seuneu rek nepi kana lalangit. Ku kuring komporna dicapit ku sapu, dialungkeun kana seuneu nu keur ngagudag-gudag. Pes wae seuneu teh pareum. Ari cilaka mah, masak make gas, make kompor oge bisa kahuruan lamun kurang ati-ati mah, nya kitu deui masak make hawu oge bisa kahuruan, lamun ditinggalkeun aya angin, ngalentab kana bilik, matak ger kahuruan.
Awal taun 90-an, kuring balik ka Plered. Dapur singer geus dibongkar ku barudak. Teu resepeun barudak ayeuna mah masak dina hawu teh. Geus teu aya nu make, ngan kari kenang-kenangan nu endah. Kitu oge pikeun kuring. Memang jaman geus robah dina sagala kahirupan.
No comments:
Post a Comment