Monday, January 16, 2017

Gehger Ucing

Kakara oge saminggu bulan puasa teh, lembur Cigorowek geus harengheng deui bae. Peuting mangkukna, basa Aki Juhron balik taraweh, datang ka imahna tuluy ngelepek kapiuhan. Tapi kade, ieu mah lain pedah Si Buruy anu nyeungeut merecon di kolong imah Aki Juhron, atawa Si Melon anu sok pangangguran meuleum cengek dina tapas. Estuning teu aya anu apaleun pisan. Malah Nini Uhem oge, pamajikanana, mani langsung nyusulan Bah Dinta, dukun lepus anu kakoncara tea. Demi salaki, Nini Uhem teu malire kana poekna peuting. Ngingkig bae bari mamawa oncor. Bubuhan di Cigorowek mah acan aya listrik.

Aki Juhron kakara eling wanci janari. Eta oge lain pedah jangjawokan Bah Dinta anu matih, sabab Bah Dinta mah elingna oge ukur nyelang ngalaksanakeun saur wungkul. Geus beres saur mah kapiuhanana dituluykeun deui. Eling-elingna teh basa waktu adan magrib tinggal lima menit deui. Atuh harita mah langsung bae ditalek ku Nini Uhem. Atuh Aki Juhron oge teu hese, tuluy nyaritakeun anu jadi cukang lantaran manehna kapiuhan. Ari masalahna teh, Aki Juhron ngarasa reuwas, atawa ceuk legegna mah shock tea. Lantaran ucing kadeudeuhna leungit.
“Ucing-ucing bae dipikiran si aki mah! Kajeun teuing sing modar oge atuh, ngarah rada aman lamun nyimpen asin dina meja,” Nini Uhem jejebris.
“Na iraha Si Mela maling asin, ninina? Sangkilang bageur pisan Si Mela mah, beda pisan jeung ucing-ucing sejen. Komo jeung ucing garong anu Si Kowi mah,”
“Enya, ari geus leungit rek kumaha? Rek laporan ka pulisi? Atawa rek tahlil?”
“Tuh, da didinya mah teu ngarasakeun pisan kana hate didieu teh. Puguh didieu mah nineung pisan ka Si Mela teh. Nikmaaat pisan, sare jeung Si Mela mah, teu cara jeung…”
“Teu cara jeung saha? Hayoh jawab? Didieu dibandingkeun jeung ucing? Punten, lain lepel!” Nini Uhem rada nyentak.
“Geus atuh ninina, ulah ngajak pasea bae. Moal enya timburuan ka ucing atuh. Mun ka ucing gering mah pararuguh deui. Jaba ieu teh keur puasa. Apan ngambek teh matak ngabatalkeun puasa,”
“Enya heug. Tapi tingalikeun bae, engke lamun geus buka!” ceuk Nini Uhem semu anu ngancam.

Keur hog-hag kitu, hawar-hawar aya sora tina sepeker masigit. Jep, duanana jarempling bari ceulina mani rancung-rancung bae ngadengekeun sepeker. Malah Aki Juhron mah leungeunna mani geus ngarongkong kolek cau anu ngebul keneh.
“…sodarah-sodarah warga Cigorowek dan sekitarnya. Adan magrib tinggal dua menit deui. Di Surabaya mah sigana geus baruka. Tapi kulantaran urang mah aya di propinsi Bandung, aeh Jawa Barat, maka urang kudu nurut kana waktu Bandung dan sekitarnyah…” kitu pokna tina sepeker teh.
“Buru atuh umumkeun! Jahat aki, nyaho!” kadenge aya nu nyarita rada tarik. Kawasna mah teu pati anggang tinu keur nyarita kana mikna.
“Aeh enya. Ampir bae poho, euy. Para wargi, warga Cigorowek dan sekitarnyah. Bari ngadagoan adan magrib, aya sekilas inpo anu kacida pentingna. Telah hilang seekor kucing milik Pa Lurah Ukar yang bernama Joni. Ciri-cirina, rupa hideung pulas bodas totol-totol. Disadana ngeoooong. Karesepna ngahakan lauk jeung gurame. Tara ngegel ka jalma, kajaba kanu geulis…”
“Geus gandeng, ulah diembohan ku heureuy sagala rupa. Apan ieu teh masigit, nyaho! Tuh, geus meujeuhna adan.” Kitu anu kadenge tina sepeker teh. Atuh teu pati lila oge, anu tatadi ngocoblak tuluy adan magrib. Ditema ku sora kohkol jeung bedug anu patembalan ti saban tajug.

Aki Juhron ngahuleng. Kawasna mah ngarasa hemeng alatan Pa Lurah oge kaleungitan ucing. Mangkaning ucing Aki Juhron teh layeut pisan jeung ucingna Pa Lurah teh. Kabogohna cenah mah. Nepi ka unggal malem minggu oge, Aki Juhron mah sok nganteur ucingna ulin ka imah Pa Lurah Ukar.
“Moal kitu kawin lari mah? Aeh, na kawas jalma bae atuh.” Aki Juhron noroweco sorangan. Tarangna mani kerung-kerung bae mikiran ucingna anu leungit. Kawasna lamun teu inget kana taraweh, Aki Juhron geus indit maluruh ucingna ka leuweung Panuusan.

Perkara kaleungitan ucing teh horeng matak ngageunjleungkeun lembur. Sabab anu kaleungitanana lain Aki Juhron jeung Pa Lurah Ukar wungkul. Kaasup ucingna Beh Sarmud, Nini Uti, Juragang Jekong, Mang Eon nepi ka ucingna Neng Lina anu kakara lahir oge, sarua leungit tanpa laratan. Geus puguh deui ari sabangsaning ucing anu sok liliaran di luareun imah mah, geus teu katingali ringkang-ringkangna acan. Sasarina mah ucing garong anu buluna hideung meles oge, sok nangkring di parapatan. Tapi ayeuna mah ngadadak jadi ngariles teuing kamana.

Budal taraweh teh mani langsung reang nyaritakeun perkara ucing anu laleungit. Malah Mang RT jeung Mang hansip mah geus bur-ber kaditu-kadieu. Hanjakal pisan Bah Dinta teu walakaya, sabab ucingna oge sarua leungit.
“Ieu teh raja ucing di leuweung Cisaat, keur ulang taun.” Kitu ceuk Bah Dinta basa ditanya ku Pa Lurah Ukar. Tapi ieu teu didenge, sabab omonganana teu pati asup akal.
“Moal kitu, aya reinkarnasi…” Aki Juhon rek nyarita, tapi teu kebat, kaburu ditempas ku Aki Amanta.
“Meunggeus gandeng, reinkarnasi nanahaeun. Sidik aya nu maling!” kitu pokna Ki Amanta.

Sabot kabehanana keur tagiwur kitu, Mang Sueb lulumpatan ka imah Pa Lurah Ukar semu anu rarusuh naker. Mani titarajong sagala rupa, bubuhan hurung senterna oge geus meh beak batre. Gok, paamprok di buruan imah Pa Lurah Ukar. Bareng pisan jeung batu batrena anu beak. Atuh senterna oge pareum.
“Saha eta?” tanya Mang Sueb.
“Eta saha?” Pak Lurah malik nanya
“Aeh, Pa Lurah geuningan. Kabeneran pisan atuh. kuring teh rek ngabejakeun perkara laratan ucing,”
“Enya, kumaha, kumaha?” Pa Lurah Ukar mani tibuburanjat.
“Rek percaya, rek henteu, Pa Lurah. Ucing teh ngagunduk di imahna Si Etom. Kabeneran bae kuring ngaliwat ka imahna. Da eta mah sora ucing mani raeng. Teuing rek dikumahakeun eta teh,”
“Hayu atuh urang jorag ayeuna keneh!” Pa Lurah nyarita bari tuluy ngingkig. Samemehna nyimpang heula ka pos ronda, rek ngajakan Mang Hansip. Kabeneran pisan di pos ronda teh loba jalma anu ngagimbung. Bring bae atuh kabehanana marilu. Leungeunna nyarekel obor jeung pakarang naon bae anu bisa dipake. Komo Aki Juhron mah mani panghareupna bari jeung mekel ngabar-ngabar pedang pusaka titinggal karuhunna. Hanjakal pisan Aki Juhron, kakara nepi ka lebah tanjakan oge geus kudu dipayang. Teu kuateun ku eungap sigana mah. Kawantu imahna Mang Etom mah rada nenggang ti lembur. Katambah jalanna nanjak deuih.

Anjog ka buruan imah Mang Etom, kabehanana mani ngahegak carapeeun. Bray, panto imahna disorot ku senter Pa Lurah. Breh, aya tulisan ngajeblag kalayan atra tur bisa kabaca ku sarerea. ‘JANGAN DIGANGGU, SEDANG ADA PROYEK PLTU!’ kitu unina eta tulisan teh. Sarerea oge teu acan aya nu ngartieun.
“Etom, kaluar siah!” Aki Juhron ngagorowok bari renghap ranjug. Ditema ku nu sejenna mani paheuras-heuras genggerong. Atuh puguh Mang Etom mani tibuburanjat mukakeun panto. Blak, panto dibuka. Gebeg, Mang Etom katara semu anu reuwas kareureuhnakeun.
“Aya naon ieu teh?” Mang Etom ngajanteng dina lawang panto. Panonna ngulincer ka sakur anu keur ngagimbung di buruan imahna.
“Leupaskeun ucing aing! Lamun henteu, dijieun beurit maneh teh, Etom!” tembal Mang Sueb. Jadi pangwanianana ari loba batur mah.
“Sabar kelaanan…” teu wudu, Mang Etom oge beuki soak, dina kaayaan kitu mah.
“Etom, ari maneh enyaan maling ucing?” Pa Lurah Ukar tumanya rada leuleuy.
“Sanes maling, Pa Lurah. Abdi mah nambur heula sakedap,” tembalna bari neger-neger maneh.
“Ari nginjeum teu bebeja teh, sarua jeung maling, Etom. Heug barina oge, na keur nanahaon make jeung ngumpulkeun ucing sagala rupa? Rek dijual atawa rek dikawin?”
“Is, sanes pisan, Pa Lurah. Abdi mah teu pati bogoh ka ucing. Apan kabogoh abdi mah Neng Lina,”
“Ari enggeus, jang naon atuh?”
“Kieu Pa Lurah. Apan di lembur urang teh teu acan aya listrik,”
“Tuluy?” Pa Lurah panasaran.
“Muhun, apan ari ngajukeun ka pamarentah mah tos sababaraha kali. Hanjakalna teu dipalire bae. Lembur urang angger keneh encan kajangkau ku listrik. Tinggaleun pisan kasimpulanna mah,”
“Ari hubunganana jeung ucing, naon eta teh?”
“Pa Lurah, oge sakabeh warga Cigorowek. Sakalian bae ku abdi baris diterangkeun sajalantrahna. Abdi ngalakukeun ieu teh, demi kapentingan sarerea…” Mang Etom nyelang heula ngaluarkeun roko tina jero pesakna. Cekres, diseungeut. Serebung, serebung haseupna kaluar tina biwir jeung liang irungna.

“Nurutkeun para sarjana fisika, ucing teh mengandung aliran listrik anu kacida gedena. Lamun buluna digosok ku beusi sapuluh juta kali, pasti eta beusi teh bakal ngabogaan daya listrik anu gede. Sapuluh juta kali ngagesekkeun kana bulu ucing, bisa nyaangkeun bohlam anu tujuh puluh lima watt. Matak, kuring teh  ngumpulkeun ucing sing loba, ngarah sarerea bisa kabagean listrik. Minimalna saimah bisa meunang saratus watt,” Mang Etom ngarenghap heula rada panjang. Atuh anu ngabandungan oge jadi panasaran, hayang leuwih eces kana maksud pagawean Mang Etom.
“Etom, ari singketan PLTU teh naon?” SI Buruy nyelengkeung.
“Silaing mah, ongkoh sakola, tapi teu nyaho anu kitu-kitu acan. PLTU teh singkatan tina Pembangkit Listrik Tenaga Ucing,” tembalna kalem pisan. Ditema ku sora ucing ti jero imahna.

Ngadenge caritaan Mang Etom, sarerea oge jadi leah. Anu tadina napsu ngagugudug oge jadi malik muji kana paniatan Mang Etom. Malah Pa Lurah Ukar oge langsung imut ngagelenyu, nembongkeun paroman anu hegar marahmay. Kaasup, Aki Juhron oge langsung ngasupkeun deui pedang kana jero sarangkana.
“Lamun enya kitu mah, paniatan Mang Etom kacida alusna. Kuring, salaku lurah di ieu lembur, ngarojong kana kagiatan Mang Etom. Malah lamun perlu bantuan tanaga mah, sigana barudak oge bisa ngabantuan ngagosokan bulu ucing.” Kitu ceuk Pa Lurah, ditema ku surak sakur anu keur ngagimbung. Mang Dasim nepi ka susuitan sagala rupa.
“Heug atuh, pake bae heula ucing anu kuring. Tapi omat, kudu dianteurkeun deui urutna.” Aki Juhron mairan.
“Tenang, Ki,”
“Emang oge rido, ucing emang dipake proyek PLTU. Malah isukan rek mnginjeumkeun deui ucing anu minantu. Tapi Emang mah hayang kabagean opat ratus watt ngarah bisa nyetel tivi jeung maen PS.” Beh Sarmud embung tinggaleun.
“Enya atuh, sok bae sing jongjon digawe. Keun, keur saur mah engke dianteuran ku Si Lina. Bari…iraha atuh Mang Etom rek ngalamar budak kuring teh?” ceuk Pa Lurah Ukar.
“Engke bae panginten, saatosna rengse proyek PLTU.” Tembal Mang Etom semu anu bungaheun naker. Biwirna mani runya-renyu. Malah mun euweuh sasaha mah kawasna geus ajrag-ajragan. Padahal samemehna mah, Pa Lurah Ukar teh sok ngusir manehna, lamun pareng apel ka Neng Lina.

Si Buruy ngabalieur bari tuluy ngaleos rada rurusuhan. Lamun caang mah, beungeutna bakal katingali mani nyeak bareureum. Puguh bae, sabab Neng Lina teh sasat jadi kembang panyileukanna beurang jeung peuting. Kari-kari ayeuna, bapana mani togmol nitah ngalamar ka Mang Etom. Timburuan tea Si Buruy teh. Peuting isukna, kakara oge rerep perkara ucing, Lembur Cigorowek geus kariweuhan deui alatan loba anu kaleungitan hayam. Anu matak ngenes mah nasib Mang Junta, hayam teh mani diangkut jeung kandang-kandangna sagala rupa. Teuing saha jeung teuing naon maksud anu maling hayam teh. Nu eces mah dina poe ahad oge, di Cigorowek geus euweuh hayam anu ngulampreng hiji-hiji acan.                

No comments:

Post a Comment